Pemkot Tasikmalaya Ngabuka Ruang Komunikasi jeung Warga

Share

Kabar Jabar – suaraindonesiatv.com.nasional
Tasikmalaya, 4 Juni 2025 – Pamaréntah Kota Tasikmalaya ayeuna ngamimitian program komunikasi langsung jeung warga, ngaliwatan ruang publik di Balaikota Tasikmalaya. Ieu léngkah minangka usaha pikeun nyaluyukeun kahayang jeung kabutuhan masarakat, ngaliwatan tatap muka langsung jeung pamaréntah.

Wakil Wali Kota Tasikmalaya, Diky Chandra, nyarios yén pikeun léngkah awal, audiensi dua arah ieu baris dimimitian ku warga anu geus ngirimkeun surat ka Pemkot.

“Warga anu parantos ngirim surat baris urang hubungi dumasar kana runtuyan surat nu asup. Sababaraha geus aya nu nyurat, ngan kadang, lantaran padetna jadwal Pak Wali, agenda ti Propinsi, ti Pusat, jeung mitra saperti DPRD, aya sababaraha jadwal audiensi nu kungsi kaliwat,” saur kang Diky, Rebo” (4/6/2025), dikutip tina rri.co.id.

Salaku bagian tina perbaikan komunikasi, Diky nandeskeun yén program ieu jadi sarana pikeun ngadéngé langsung masukan ti masarakat.

“Upami mungkin mah bareng jeung Pak Wali langsung. Tapi upami beliau teu tiasa hadir kusabab jadwal padet, audiensi tiasa dilakukeun sareng abdi. Jadwalna minimal sakali saminggu, nyaéta unggal Rebo jeung Kemis. Sababaraha elemen warga ogé tos ngamimitian komunikasi jeung abdi,” pokna.

Diky miharep, komunikasi kabuka ieu bisa jadi jalan pikeun nguatkeun kinerja Pemkot, lantaran sagala masukan ti warga bisa langsung disalurkeun sarta direspon ku pamaréntah.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

error: Content is protected !!